1 Korinta 9
Ari sim kuring naha lain jelema bebas? Naha lain rasul? Naha sim kuring tacan kungsi ningal Yesus Gusti urang? Ari aranjeun lain bukti pagawean sim kuring pikeun Gusti?
Sanajan upama ku nu sejen sim kuring teu diaku rasul, ku aranjeun mah tangtu diaku! Hirup aranjeun ngahiji jeung Gusti, kapan eta teh hiji bukti yen sim kuring enya rasul.
Jadi lamun aya anu maido, rek dijawab kieu:
Lain geus sapantesna sim kuring digawe teh meunang dahareun, meunang inumeun?
Naha teu meunang sim kuring nurutan rasul-rasul sejen jeung saderek-saderek Gusti kitu deui Petrus, indit-inditan dibaturan ku pamajikan sasama Kristen?
Atawa ku naon ngan Barnabas jeung sim kuring bae anu kudu nyiar kipayah sorangan?
Prajurit mana anu neangan sorangan keur pibalanjaeunana? Patani mana anu melak anggur teu ngadahar buah anggur pelakna? Pangangon mana anu henteu nginum cisusu domba piaraanana?
Ieu conto-conto tina sapopoe lain ceuk sim kuring bae, ceuk Kitab Suci oge kitu.
Sim kuring maca dina Kitab Musa kieu, "Sapi anu keur dipake ngirik ulah diborongsongan." Eta anu diperhatoskeun ku Allah teh sapi,
atawa urang? Anu dimaksud ku eta pangandika memang urang. Anu ngawuluku, anu ngirik, tangtu ngaharep meunang bagian tina pagaweanana.
Sim kuring duaan jeung Barnabas geus nyebarkeun binih rohani di aranjeun. Naha kaleuleuwihan upama tina eta pagawean meunang pamulang sipat lahir ti aranjeun?
Upama anu sejen meunang nagih hakna ka aranjeun, komo sim kuring. Sanajan kitu sim kuring tacan kungsi nagih hak. Sabab upama hal eta matak ngalantarankeun macetna pangwawaran Injil Kasalametan, kajeun sim kuring nandangan walurat.
Aranjeun tarerang, anu digarawe di Bait Allah mareunang daharna ti Bait Allah; anu digarawe natakeun kurban dina altar, mareunang bagian tina eta kurban.
Anu ngawawarkeun Injil Kasalametan oge kawas kitu, ku Allah diatur kudu meunang napkah tina eta pagawean.
Tapi eta hak-hak sim kuring hiji ge tacan aya anu digunakeun. Ieu oge nulis kieu, lain rek nagih hak keur sorangan. Ti batan kitu mah mending paeh bae. Sim kuring geus sugema, jeung moal aya anu bisa mupus eta kasugemaan.
Teu meunang sim kuring nonjolkeun maneh pedah ngawawarkeun Injil Kasalametan, sabab ngawawarkeun eta teh geus jadi kawajiban.
Lamun ngawawarkeunana lantaran karep sorangan, kakara sim kuring meunang ngarep-ngarep pamulangna. Tapi ieu mah kawajiban, Allah geus mercayakeun eta pangwawaran ka sim kuring.
Naon upahna? Nya eta hak meunang ngawawarkeun eta Injil Kasalametan teu karana dibayar, teu ngarasa perlu nagih hak.
Sim kuring jelema bebas, lugina, lain abdi saha-saha, tapi ngahaja ngabdikeun diri ka jalma rea, lantaran hayang meunangkeun jalma rea pikeun Kristus.
Keur ngawawarkeun di urang Yahudi, hirup sim kuring cara urang Yahudi supaya hatena bisa kabeuli pikeun Kristus. Ngawawarkeun ka jelema-jelema anu diparentah ku Hukum Musa, sim kuring sanajan henteu katalian ku eta, ngalakonan hirup kawas anu kabawah ku hukum-hukum eta, supaya maranehanana kabeuli hatena.
Nya kitu keneh, ngawawarkeun ka anu lain Yahudi, hirup sim kuring cara hirup maranehanana anu luareun Hukum Agama Yahudi, supaya hate maranehanana kabeuli. Sim kuring kitu lain teu nurut kana parentah-parentah Allah, malah hirup sim kuring teh ngajalankeun parentah-parentah Kristus.
Ka jelema anu hatena hamham keneh, sim kuring nurutan kawas kitu, supaya hatena katarik. Pikeun nu itu sim kuring kudu kawas kitu, pikeun nu ieu kudu kawas kieu, supaya bisa meuli hatena, sugan bae ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehanana saeutik-eutikeun.
Eta kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna.
Loba anu milu balap, ari nu meunangkeun hadiahna mah ngan saurang.
Anu rek milu balap kudu ngalatih diri enya-enya supaya meunang, bisa ngarebut makuta kembang tanda kajuaraan. Eta sakadar balap ngarebut tanda kaunggulan anu umurna moal lila. Komo balap anu dilakonan ku sim kuring pikeun ngarebut tanda kaunggulan anu langgeng,
kudu leuwih satekah polah lumpat sakuat-kuat, nuju ka garis tungtung. Lamun dina ngadu tonjok mah ulah aya panonjok anu meleset.
Awak kudu dipolah, dilatih, disayagakeun, kudu geus apal kumaha molahkeunana; ulah hanas ka batur ngajak, tapi bari sorangan teu kapake lantaran teu nyumponan sarat.